Tidinya leos we Abu Jahal ngaleos balik ka imahna. Barang datang
ka imahna, dasar tukang takabur tukang adigung,
hayang geura tembus maksud manehna ka kanjeng nabi,
leos ka bumina Ustman bin Affan ra.
Ari eta lalaki tadi, bingung, ari hanteu di dongkapkeun sieun ku Abu Jahal,
ari di dongkapkun sieun ngahudangkeun fitnah,
tidinya jol putusan fikiran nana, ‘’oh leuwih hade unujakan bae’’.
Tidinya leos eta jalma ka bumina kanjeng nabi, barang nepi,
sing horeng teu aya, kanjeng nuju di bumuna Abu Thalib, saur sohabat
anu aya di bumina, teras indit wae eta lalaki ka bumina Abu Thollib
bade mendakan kanjeung, barang keur di tengah jalan gok papendak sareng
kanjeung nabi,
‘’Aduh kaleresan atuh teu kedah cape cape ka bumina Abu Tholib”
kitu gerendeng hatena,
‘’kanjeung bade mulih?’’
Eta lalki langsung mayunan tumaros ka kanjeung sanggeus uluk salam,
‘’ Sumuhun jang, aya naon?’’.
Kanjeung nabi malikan naros,
Numawi kiyeu gusti, abdi teh aya sababaraha unjukaneun,
nanging ayeuna sim abdi teh bingung, naha unjukan ta ulah,
bingung iyeu teh gusti,? Pokna eta lalaki,
‘’ Sok wae jang aya unjukan naon? Tong asa-asa. Kitu tegas na kanjeng nabi.
Terektek ate lalaki teh unjukan sakumaha omongan nana Abu Jahal tadi,
barang eta lalaki keur unjukan, jol sumping piwarangan sayidina Ustmanbin Affan, sanggeus uluk salam, langsung dipayunan tumaros ku kaneung nabi, saurna,
‘’Aya naon maneh kadiyeu?’’
‘’Manawi gusti, kuring teh piwarangan sayidina Ustman, bade ningali gusti naha gustu nyondong di bumi ta heunteu? Pami nyondong sayidina Ustman bade dumeuheus ka gusti, kitu jawaban utusan sayidina Ustman.
Nya menggeus bejakeun kituh kuring ayeuna rek balik ka imah, Ustman di tunggu ku kami, kitu kanjeung nabi ngawaler.
tidinya teras kanjeung nabi mulih ka bumina, burubul sohabat ngadareuheus, hanteu kantos lami, sumping sayidina Ustman, bari haruhah-harehoh, da puguh lulumpatan anu nandakeun aya perkara anu penting, sanggeus uluk salam langsung we Ustman ngawitan caritaaan.
‘’Gusti, abdi bade unjukan ka gusti anu kalintang matak reuwasna”.
‘’Nya sok aya unjukan naon? Sok geura caritakeun sing pertela, kitu walerna kanjeung nabi.
‘’Bieu pisan gusti, ka rorompok abdi teh datang si la’natullah Abu jahal, pisanggemna ka jisim abdi kiyeu: ku lantaran beuki dieu omong-omongan Muhammad beuki peuheur beuki pait, malah ka dengena ki ceuli teh alah batan ngadenge gelap, ayeuna sarerea urang nagara mekkah rek ngadeuheus ka Habib bin Malik, urang nagara majani, da piraku anjeun ge teu apal Habib bn Malik teh ka mashur pisan gagah ronggahna, elmu pamakena, apal-apalan nana Tauret, Jabur, Injil geus katalar, kana agama naon bae geus apal, yuswana parantos 140 taun, jadi walhasil pasagi teh anjeuna rek di suhunkeun sumping ka naagara mekah katut rencangna anu jumlahna duapuluh rewu anu tarumpak kuda, tah engke sa eusi nagara mekkah rek di kumpulkeun, saha anu teu datang rek di
potong beuheungna, golongan Bani Hasyim jeung Bani muthalib ge katut juragan nana raden Muhammad putrana raden abdullah tea, kapaksa kudu aya di deuheuskeun ka Habib bin Malik, di bere masalah-masalah anu harese, anu tangtu muhamad moal bisaeun ngajawabna, tah dimana hanteu bisaeun ngajawab tangtu meunang wiwirang anu gede, sanggeus kitu kaula sumpah kalawan pangeran Uja jeung Latta, jeung pangeran Habalul A’la, hatra banda kaula jeung harta batur kaula kabeh rek di deuheuskeun ka Habib bin Malik, sarta Habib bin Malik jeung rencang-rencengna rek di pestakeun di angsrot ku minyak kasturi. Ari Bani Hasyim jeung Bani Muthalib jeung babaturan Muhammad rek di angsrot di balur ku areng beungetna anu meunang ngaduk jeung cikiih onta, tuluy du lingkung di kepung ku sarerea, di basmi moal di karikeun hiji oge’’ tah kitu gusti omong si la’natullah teh. kitu saur Ustman panjang lebar.
Barang kanjeung Nabi ngadangu kana pi unjukan sayidina Ustman, lajeng anjeuna nungkulkeun mastakana, urat-urat nu aya dina taarna anu mulya katingli ranteng lir ibarat mutiara anu meunag niiran, pameunteu na anu mubrai pinuh ku cahaya kasiram ku cikaringah anu ngagnclang herang murubut sapertos inten. Salah sahiji sohabat unjukan;
‘’Gusti, muga iyeu perkawis ulah ngajanteun keun sesah ka salira gusti, ulah di damel rempan ku gusti, margi gusti Allah tangtos nagtayungan sareng nulungan ka gusti, sareng bakal ngelehkeun ka kaum-kaum anu benci ka gusti’’.
Teu lami kanjeung nabi ngawaler.
He sakabeh sahabat-sahabat, hate kaula hanteu gimir hanteu mingsir, tetep kumandel jeung tawakal ka gusti Allah, barang keur kitu sumping malaikat Jibril nyandak wahyu ti gusti Allah. Malaikat jibril katinglna ku kanjeung nabi sakurubutna ti langit sakumaha rupi asal anu di damel ku Allah ngagaduhan sarebu-rebu jangjang anu minuhan masyrik maghrib. Upami kanjeng rosul kasumpingan wahyu anu sarupa kitu, pameunteu na anu mulya sok kesangan tina hebatna wahyu, barang malaikat Jibril sumping ka kanjeng nabi, jangjang anu minuhan masyrik magrib teh saperti anu di tilepan, hanteu matak ridu hanteu matak riba, antuning bangsa cahaya.
Dawuhan malaikat Jibril ‘’Hey nabi Muhammad, gusti Allah maparin salam ka anjeun, jeung dawuhan nana, demi ka agungan kami jeung ka muliaan kami jeung ka luhuran kami, kami teu ngadamel mahkluk anu leuwih mulia ti batan anjeun, sareng dawuhan nana; anjeun entong reuwas entong sieun, entong keueung, sakabeh mahkluk oge, aing anu nyieun, anu ngarijkian jeung deui aing sumpah bakal ngamparkeun bumi pikeun maneh, jeung bakal daratang ka maneh sakabeh arab jeung ajam,jeung bakal datang ka maneh Habib bin Malik mawa dua puluh rebu kaumna anu tarumpak kuda, jeugn bakal mawa anakna anu di jieun ku aing hanteu aya leungeunan, hanteu aya sukuan hanteu nenjo hanteu nempo, sedng geus di kawinkeun ka Amir bin Abbas Almajani anu mas kawin na saratus onta saratus kuda sapuluh rebu dirham, Amir bin Abbas can nyahoeun pamajilan nana kitu kaayaan nana. Habib bin Malik geus boga angan-angan eta anakna rek di bawa ka ka’bah rek di mandian ku Zamzam rek nyuhunkeun ka pangeran Ibrohim, jeung rek di bawa ka maneh rek menta mu’zizat maneh, tanda maneh jadi rosul, anakna sing jagjag anggotana sing ngadenge sing nempo sing bisa ngomong. Kusabab kitu maneh ulah sieun ulah keueung, naon pamenta maneh si subadanan ku aing’’.
Nah saparantos kanjeung nabi nampi eta wahyu, manahna kalintang bungahna sareng eta wahyu hanteu waka di carioskeun ka para sohabatna.
<<BAGIAN KA 1